i Palagan Bubat ka Wastu Kancana

Salaam. Sampurasun….
Alhamdulillah kamari peuting saba’da netepan Isya kuring rengse maca buku anu jejerna Wastu Kancana yasa Yosep Iskandar. Medal taun 1987 ku penerbit Rahmat Cijulang. Buku alit eta ku simkuring diaos ti tabuh dua siang. Meunang nginjeum ti babturan anu ngajar basa Sunda di sakola tempat kuring ngawulang. Anjeuna masihan nambut et buku. Saurna eta buku neraskeun carita Palagan Bubat. Simkuring kacida bungah sabab ti baheula memang hayang terang ngeunaan sajarah Sunda. Ari maca buku sajarah Sunda langsung mah rada abot jeung rada kudu mikir sabab aya bae istilah ilmiah anu lebet sareng analisis lainna. Ari maca versi novelna mah resep jeung geunah bae. Teu karasa cape atawa beurat dina macana.
Dina eta buku diguar yen saba’da Palagan Bubat anu niwaskeun kulawarga Raja Nagri Sunda anu sumping ka nagari Majapait bade nikahkeun putrina Diah Pitaloka ka Raja Hayam Wuruk. Ngan Gajah Mada anu janten patih Majapait parantos ngahartoskeun kasumpingan rombongan ti nagari Sunda dina sawangan pulitik sareng kasempeutan keur naklukeun nagari Sunda anu can serah bongkokan ka Majapait.
Tangtos bae rombongan nagari Sunda anu sakeudik henteu tiasa ngalawan parajurit Majapait anu pohara. Barina oge rombongan ti Sunda mah niatna oge bade seserahan lain rek palagan. Tangtuna teu persiapan sahingga tumpur sadayana, kitu deui Raja Nagari Sunda katut kulawargana. Kajadian eta nguciwakeun Hayam Wuruk. Manehna menta hampura ka Bunisora, rayina Raja Sunda, supados henteu nyideum amarah kana eta kajadian.
Kuring maca eta carita dina buku Yosep Iskandar anu jejerna “Perang Bubat” anu diterbitkeun ku Kiblat Buku Utama. Jigana mah keuna kana jiwa Sunda kuring, sajongjonan maca bagean ahir eta buku cimata kuring maseuhan pipi. Jeungna kesel ka patih Majapait. Bojo simkuring oge embung deui maos eta buku. Sedih jeung teu tega mun dibaca deui: asa nyeuri hate.
Palagan Karbala
Kajadian samodel Palagan Bubat dina sajarah Islam kantos aya (saba’da jaman khulafa rasyidin). Kajadian tragedi asyura atawa Palagan Karbala di Karbala, Irak. Imam Husain, incu Kangjeng Nabi Muhammad saw, sareng rombongan anu ngan ukur sakira 73 urang dipateni. Mastaka Imam Husain dipisahkeun tina badanna. Teras mastakana dicocogan ku iteuk sareng tumbak. Kulawarga anu awewe diabringkeun ka dayeuh dugi ka karajaan tempat matuhna manusa dolim: Yazid bin Muawiyah, anu janten pangawasa Karajaan Umayyah. Teu kaharti ku akal simkuring, maranehna nyebatkeun ageman Islam. Tapi naha beut tega maehan incu katut kulawarga Nabi? Cingcirining teu leres dina kaislamanna. Henteu tumut ka ajaran Kangjeng Nabi sareng ajaran Allah. Singketna: kalakuan Yazid jeung wadiabaladna geus henteu Islami.

Kalakuan dolim sarta telenges eta diriwayatkeun dina kitab hadis Bukhari Kitab Fadhail alShahabat, Bab Manaqib al-Hasan wa al-Husain; Hadis # 3538: dari Anas bin Malik: Dibawa ke Ubaidillah bin Ziyad kepala Al-Husain bin Ali a.s dan diletakkan pada bejana. Ibn Ziyad menusuk-nusuknya dan mengatakan sesuatu (yang buruk) tentang ketampanan wajahnya. Kata Anas: Wajah itu paling mirip Rasulullah saw. Rambutnya dicelup dengan bahan pewarna.
Hadis # 3543: Aku mendengar Abdullah bin Umar tentang orang ihram yang membunuh--aku kira, kata Syu’bah--lalat. Ibnu Umar berkata: ahli Iraq mempertanyakn lalat padahal mereka telah membunuh anak dari putri Rasulullah saw. Nabi Muhammad saw bersabda: keduanya (AlHasan dan Al-Husain) wewangianku di dunia [lengkepna baca: http://islamsyiah.wordpress.com/2009/01/05/maqtal-kronologi-kesyahidan-imam-husain-as/ atawa http://www.al-islam.org/maqtal/].

Di Bandung, guru simkuring: Ustadz Jalal ngayakeun panineungan kana eta kajadian anu tragis. Unggal ping 10 Muharram eta Palagan Karbala dibacakeun sarta dilakonkeun dina drama. Henteu saeutik anu carinakdak; ceurik. Aya sajak perkawis Palagan Karbala anu kantos dihaleuangkeun bari dikacapi sulingan. Eusina matak sedih (http://fiksi.kompasiana.com/puisi/2011/11/16/maqtal-imam-husen-anggitan-kang-jalal/kompasiana.com/posts/lta/420195/).

Wastu Kancana Ngumbara
Balik deui ka buku Wastu Kancana. Dina eta buku dicarioskeun yen anu ngagentos samentara di Karajaan Sunda (Kawali) teh Bunisora. Putra Raja Sunda aya jumeneng masih budak keneh. Janten kedah disiapkeun heula. Bewara ngeunaan tiwas suci kulawargana di Majapait henteu dibejakeun sabab sieun langsung hentu biasa nahan amarah.
Bunisora, pamanna Wastu Kancana, nyandak eta murangkalih keur diajar sagala rupa kaelmuan di padepokan anu khusus keur ngagembleng pasukan husus karajaan: balamati. Carana henteu langsung, tapi diculik heula. Saba’da diwarah, Wastu Kancana dibere nyaho perkawis anu dirusiahkeun. Bunisora langsung anu masihan terang.
Saba’da dipeupeujeuh, Bunisora ngajak balik ka Kawali. Ngan Wastu Kancana embung balik. Anjeuna kalah ngumbara milari elmu. Nya atuh henteu bias dicaram. Antugna diwidian teras nyandak batur keueung: Rakean Hujung. Duana ngumbara dugi ka Pakuan. Mereskeun nau baruntak ka nagara. Teras ti dinya ngulampreng ka Lampung. Tepang sareng resi sareng diguguru. Di bagean ahir buku dicaritakeun Wastu Kancana nyalametkeun padepokan resi ti serangan musuh gerot guruna. Jeung niwaskeun gegedugna make pakarang anu dibere ku Bunisora.
Dina eta buku, dicaritakeun yen Wastu Kancana oge katarik manah ku putrid resi. Henteu aya pedaran proses asmara, ngan hungkul tepung di walungan teras bae silih kenalan. Didinya duana singket saling katarik manah keuna ku panah asmara. Basa rek mulang ti Lampung ti padepokan resi, duana silih mere barang anu janten pangikat ati. Dugi kadinya eta carios eta buku.
Saur rerencangan kuring, aya deui terasanna dugi ka tujuh jilid. Kuring janten panasaran. Sugan isuk jaganing geto bakal manggihan eta buku terasanna.
Ceuk kuring anu bodo dina ihwal sastra, dina ngambarkeun amarah Wastu Kancana atawa pajabat nagari Sunda, Yosep kirang kiat sareng henteu nyentuh emosi. Ari gambaran kahirupan sosial sareng lingkungan baheula Sunda mah karasa pisan. Beda jeung buku Perang Bubat mah. Meuni karasa mawa emosina teh. Jeungna loba teuing “jumping ideas” dina carita Wastuna Kancana. Potongan carita sareng alurna biasa henteu aya anu istimewa atawa aheng dina eta buku. Biasana mun novel osok kiat dina kalimah sareng alur sarta gambaran (konteks sosio kultural) jeung eusina oge kadang matak ngajenghok anu maca. Keun sugan engke buku liyanna urang baca. Wassalaam…. 

AHMAD SAHIDIN 

No comments: